Selasa, 26 Oktober 2010

URANG SUNDA KAMARANA!!!

Lieur kuring mah ku jalama sunda ayeuna...
nha aya keneh hate sunda di diri masing-masing warga sunda?atawa ngan saukr ngaku urang sunda kitu...
jalma sunda ayeuna mah ngan numpang ngran wungkul yen manehana teh urang sunda...
tina laku lampah, tutur basa jauh pisan gening anu nyirikeun urang sunda aslinamah....


ditilik tina tutur basa we..jauh gening jeung kolot baheula anu bener-bener urang sunda asli teh, ceuk barudak ayeunamah cenah basa sunda teh teu gaul,,naha emang bener basa sunda teh teu gaul?ari basa gaul teh nu kumaha  emang qtu?anu "gue elo" atawa "anjing edan"?bangga meureun bisa basa gaol teh..sabenernamah salah urang boga anggapan kawas qtu teh, anu disebut gaul mah uarang bisa mikir gobal tapi boga sikep tradisional...bisa ngamumule basa sunda anu jadi basa indung pikeun urang sunda..lain kalah ngleungitkeun budaya sunda anu jadi warisan ti kolot urang...


Di tilik tinu kalakuan, haduh teu ngarti da..
 aya gening lagu Doel Sumbang nu lirik na teh  "Urang Sunda kamarana, urang sunda dimarana?urang sunda anjeun saha?
naha ngan saukur nu ngeusian kulon jawa?naha ngan saukur kumecrot bari kumetap?gancang gera hudang, gera tembongken urang sunda oge bisa..."


Tuh ceuk Doel Sumbang oge kamaran atuh urng sunda nu asli teh?urang sunda anu cinta damai, anu kreatif, anu beda tinu lian..lamun urang sunda sadar, urng sunda pasti bisa jadi nu onjoy.
Hayu urang babarengan ngaronjatken deui sunda anu urang, YAKIN SUNDA MASIH AYA DI HATE URANG


http://www.sundanet.com/
http://ngariung.com/



Tidak ada komentar:

Posting Komentar